3 Lirik Lagu Jawa Barat, Manuk Dadali, Pileuleuyan, Tokecang


Lirik lagu: Manuk Dadali

Mesat ngapung luhur jauh di awang-awang
Meberkeun jangjangna bangun taya karingrang
Sukuna ranggaos reujeung pamatukna ngeluk
Ngapak mega bari hiberna tarik nyuruwuk

Saha anu bisa nyusul kana tandangna
Gandang jeung pertentang taya bandingannana
Dipikagimir dipikaserab ku sasama
Taya karempan kasieun leber wawanenna

Manuk Dadali manuk panggagahna
Perlambang sakti Indonesia Jaya
Manuk Dadali pangkakon carana
Resep ngahiji rukun sakabehna

Hirup sauyunan tara pahiri-hiri
Silih pikanyaah teu inggis bela pati
Manuk dadali ngandung siloka sinatria
Keur sakumna Bangsa di Nagara Indonesia

 

Lirik lagu: Pileuleuyan

Hayu batur hayu batur
Urang kumpul sarerea
Hayu batur hayu batur
Urang sosonoan heula

Pileuleuyan pileuleuyan
Sapu nyere pegat simpay
Pileuleuyan pileuleuyan
Paturay patepang deui

Amit mundur amit mundur
Amit ka jalma nu rea
Amit mundur amit mundur
Da kuring arek ngumbara


Lirik lagu: Tokecang

Lagu tradisional daerah Jawa Barat
Tokecang tokecang bala gendir tosblong
Angeun kacang Angeun kacang sapependil kosong
Tokecang tokecang bala gendir tosblong
Angeun kacang Angeun kacang sapependil kosong

Aya listrik di masigit meuni caang katingalna
Aya istri jangkung alit karangan dina pipina
Tokecang tokecang bala gendir tosblong
Angeun kacang angeun kacang sapependil kosong

Tokecang tokecang bala gendir tosblong
Angeun kacang Angeun kacang sapariuk kosong
Tokecang tokecang bala gendir tosblong
Angeun kacang Angeun kacang sapariuk kosong

Aya listrik di masigit meuni caang katingalna
Aya istri jangkung alit karangan dina pipina
Tokecang tokecang bala gendir tosblong
Angeun kacang Angeun kacang sapariuk kosong

Tokecang tokecang bala gendir tosblong
Angeun kacang Angeun kacang sapariuk kosong
Tokecang tokecang bala gendir tosblong
Angeun kacang Angeun kacang sapariuk kosong
AdSense

0 Response to "3 Lirik Lagu Jawa Barat, Manuk Dadali, Pileuleuyan, Tokecang"

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel